SANGKURIANG KABEURANGAN
Dina
hiji mangsa, di Tatar Sunda. Kacaritakeun hiji indung, Dayang Sumbi, nitah
anakna Sangkuriang, sangkan ngala kijang. Dayang Sumbi teh geus lila teu
ngadahar ati kijang.
Isukna,
wanci carangcang tihang, Sangkuring geus saged, dibaturan tumbak binang jeung
Si Tumang. Norobos tuluy ka tengah leuweung. Ceuli jeung panonna cingceung
ngadedengekeun korosakna dangdaunan jeung ngintip-ngintip sang kijang. Aneh,
bet taya kijang nu ngalanto sahulu ge. Haneut moyan, taya. Pecat sawed, lebeng.
Tengah poe, komo.
Wanci
lingsir ngulon, Sangkuriang nyamos keneh. Waktu maju ka burit, tuluy
reup-reupan. Leuh karunya teuing ambu, teu tulus ngadahar ati kijangna, kitu
dina pikirna. Lalay nu geus rabeng mingkin ngaganggu pikiran Sangkuriang. Ret
ka Si Tumang nu keur ungas-ingus rada jauh ti manehna. Sakilat, tumbak
dilempag, gaiiikkkk! Si Tumang rubuh.
Wanci
sareureuh budak, Dayang Sumbi langsung ngasakan ati beubeunangan ngala anakna.
Tuluy duaan dahar balakecrakan. Bari dahar, Dayang Sumbi nanyakeun Si Tumang.
Ku Sangkuriang dijawab satarabasna.
Gebeg
teh Dayang Sumbi! Teu antaparah, sinduk celem gigireunana dijeuwang. Peletak
ditakolkeun kana sirah deukeut tarang anakna. Getih ngaley lalaunan. Tuluy
Dayang Sumbi ngusir Sangkuriang, titah nyingkah ti imah.
Bari
mawa kapeurih ati, Sangkuriang leumpang bari tungkul ninggalkeun imahna.
Cipanon ngalembereh. Getih nu ngaley disusut lalaunan. Dina hatena tumanya. Ku
naon ambu teh, meni sakitu ambekna? Pira ge anjing, naha meni kudu ngusir anak?
Kamana nya awaking kudu ingkah? Indit kamana atuh? Sakieu geus peutingna?
Sukuna
terus ngalengkah ka wetankeun. Ka wetankeun. Ka wetankeun.
Di
tengahing perjalananana, teu karasaeun waktu baganti. Sapoe. Sapuluh poe, dua
puluh poe, tilu puluh poe. Sapurnama. Dua purnama. Tilu purnama. Dua
belas purnama. Sawarsa. Dua warsa. Tilu warsa. Dalapan warsa.
Sangkuriang
geus jadi pamuda nu kacida kasepna. Dedegna tanggoh, dadana bangbang. Sukuna
panceg, kayakinanana tohaga.
Hiji
mangsa di hiji tempat, bet manehna papanggih jeung hiji wanoja nu kacida
geulisna. Manehna katarik atina, tuluy wawanohan. Duanana horeng pada-pada
katarik atina. Ahirna duanana jangji rek rumah tangga.
Tapi,
dina hiji waktu, nalika eta wanoja ngusapan buuk papacanganana, kacabak aya
urut raheut dina sirah deukeut tarang. Tuluy ditanyakeun ka Sangkuriang ku naon
alatanana. Hatena geus teg bae, nu di hareupeunana teh taya lian ti anakna
pituin.
Barabat
Sangkuriang nyaritakeun asal musababna. Ranjug Dayang Sumbi! Tuluy manehna nerangkeun,
saha dirina. Tapi Sangkuriang teu percayaeun. Keukeuh teu percayaan. Ahirna
Dayang Sumbi menta tanjakan, daek jadi bojo Sangkuriang asal disadiakeun talaga
parahu keur lalayaran. Sangkuriang ditempoan sapeuting kudu migawena. Tur kudu
anggeus memeh bijil panon poe. Sangkuriang bari ambek nyanggupan pamenta Dayang
Sumbi.
Sagala
rupa kakuatan dikumpulkeun ku Sangkuriang. Talaga geus ngajadi, kari parahu
sakeudeung deui anggeus.
Dayang
Sumbi teu cicingeun usaha satekah polah ngeureunkeun pagawean anakna. Rahayat
lembur dihudang-hudangkeun, ambu-ambuna dititah tutunggulan di saung lisung.
Hayam dirojokan dina paranje supaya kokotak jeung kongkorongok. Di pasir,
Dayang Sumbi nyeungeut 100 damar, tuluy boeh rarang (lawon bodas) diabar-abar
supaya siga wanci balebat. Hayam pating kongkorongok mapag nu siga balebat teh.
Gebeg
Sangkuriang! Hatena ambek kacida. Manehna teu percayaeun panonpoe meletek. Tapi
ceulina ngadenge hayam reang kongkorongok jeung dibeulah wetan bet siga balebat
tingarudat.
Ngagidir amarahna. Teu antaparah parahu nu rek jadi
teh ditalapung satakerna. Parahu ngalayang ka jauhna. Gubrag murag tibalik!
Lila ti lila eta parahu nangkub teh jadi gunung: Gunung Tangkuban Parahu!***
No comments:
Post a Comment