Tarucing anu ka tilu
Naon anu leuwih loba tibatan jukut
STP : naon
nu leuwih loba tibatan jukut??
Dawala : bulu
kelek
Cepot : ahhh
siah sok newo newo kitu
Dawala : heu
euh,,,da pamanggih kuring mah nya bulu kelek
Ua Semar : ari anu
langkung seueur tibatan jukut nyaeta, hawa nafsu kahayang nu ngancik dina ati manusa.
STP :
naon sabab??
Ua Semar : sabab,
sakur manusa hirup, sakur mahluk anu hirup bakal ka ancikan ku nafsu.
STP : bisa
leungit nafsu kahayang nu aya dina dada manusa???
Ua Semar : moal
tiasa
STP :
sabab??
Ua Semar : sapanjang
hayat masih di kandung badan, sapanjang hirup manusa. Kakarek pisah sareung
nafsu dimana wujud ditinggalkeun hirupna, istilah parantos nyangirah ngaler. Sapeurtos
ayeuna jisim abdi sakieu karoseri parantos reyod, umur parantos muncak ge
anggeur we kahayang mah sun. malahan sakapeung sok asa jiga budak ngora.
STP :
alus
No comments:
Post a Comment