Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya

Tuesday, November 11, 2014

Tarucing Sanghiyang Talaga Pancuran

Tarucing sanghiyang talaga pancuran Nu kahiji
"Nuleuwih luhur batan langit"

STP (Sanghiyang Talaga Pancuran) : Naon anu leuwih luhur batan langit?
Dawala        : Para seuneu..
Cepot          : cicing,,,cicing
STP             : jawabbbb
Dawala        : Sok pa ,,hararese teuing,,,
Ua Semar    : anu leuwih luhur tibatan langit?????
STP             : pokkk
Ua Semar    : Darajatna Du’a sun..
STP             : Du’a ti saha?
Ua Semar    : Ti Ibu sareng ti Rama
STP             : Du’a numana nu dipandang luhur darajatna ku anjeun?
Ua Semar    : Du’a anu didadasaranan ku ikhlas sareung ku ridho
STO            : Naon alesan?
Ua Semar    : margi alesan, sanaos bari sarebu kali ikhlas sareng ridho seug keuna ku la’as lamun seug anakna bedegong wangkelang sareng cumantaka, beak dengkak carekeun nana geus teu beunang di papagahan, geus teu beunang di tungtun, geus teu beunang di kengkenkeun atanapi di pasrahkeun ka ahli-ahli, boh ka guru-guru, boh ka madrasyah-madrasyah. Beuki nambahan umur beuki ngurustunjung, laku lampah nista toja'iah jeung katerangan. Dimana anakna parantos teu tiasa di geubah tina jalan kadholiman ka murkaan, indung bapa sok aya kalana top maung top badak, didieu sanes luhur darajat du’a ibu. Tapi teu aya manfaatna sanajan sarebu kali du’a restu ibu du’ana darajat na luhur, tapi lamun seug eta du’a toja'iah jeung laku lampahna anu di du’akeun tetela bakal meleset jauh kana di ijabahna
Dawala        : beuneur kitu Aa???
Ua Semar    : sakitu nun,,,,kumaha kinteun-kinteun??
Cepot          : kumaha, ka anggo sun? di ical sakitu soteh ka Anom we etamah ,,,,heheheheh
Ua Semar    : leureus???
STP             : menta kasimpulan Semar, du’a restu nu ngancik di indung?
Ua Semar    : di sadaya,,,,
STP             : disakabeh kumaha?
Ua Semar    : di sadaya, sakur du’a tanpa ikhlas sareung ridho, tanpa luyu nu di du’akeun sareung nu ngadu’akeun, didieu bakal meleset.
STP             : naon sabab kitu??
Ua Semar    : margi du’a teh sok aya kalana toja'iah sareung lampah, sareung tekadna.
Cepot          : bener dawala,,,,
Dawala        : bener kumaha??
Cepot          : heu euh pek we da hukum anu nangtukeun mah, sakabeh jelema migawe bener, hayang salamet. Sakabeh jelema anu migawe kahadean hayang salamet. Tapi ,,,lolobana dimana jalma anu migawe kagorengan, nu migawe kasalahan sok hayang salamet deuih. Ai kolomna, hasil tina pagawean salah, nyaeta cilaka euweuh nu ngeusian. Kadang kadang jelema tara sadar, lamun migawe kasalahan hasilna sok cilaka, ieu sok loba jelema tara narimakeun kana akibatna.
Ua Semar    : tah kitu jang,,,kitu manawi teh saur pun anak bieu
STP             : menta kasimpulan semar!!
Ua Semar    : muhun kitu, kasimpulan namah du’a teh teu aya nu awon. Tiap du’a eta kana kasaean sareng kana kasalameutan. Ngan luhurna du’a darajatna anu luyu ucap, tekad sareung lampahna,,,sakitu.
STP             : bener

ke sanes waktos urang teraskeun,,,

No comments:

Post a Comment