Tarucing anu ka dua
Naon nu leuwih beurat tibatan taneuh?
Tarucing sanghiyang talaga pancuran nu ka dua
STP :
nu kadua……Naon nuleuwih beurat tibatan taneuh?
Cepot :
jawab behhh!!!
Dawala :
Paaa,,,,waleur pa!!
Ua Semar : Anu
leuwih beurat batan taneuh??
STP :
Enya
Ua Semar : nyaeta
kanya’ah, ka asih, kadeudeuh ibu rama ka putra. Sarebu kali deudeuh batur,
sarebu kali nya’ah batur teu leuwih nya’ah tibatan nu ngancik di Ibu Rama.
Malahan ka nya’ah ka asih ibu rama ka putra estu teu aya nu mapagahan batur,
kaluar tina ati sanubari.
STP :
Aya leuwih na ti kitu semar!!!
Ua Semar : Ah teu
aya
STP : bodo
maneh
Ua Semar : ehh eunya
aya nu leres,,,aya aya aya
STP :
coba ,,,naon leuwih na ti kitu??
Ua Semar :
kadeudeuh, kanya’ah, ka asih ibu rama ka putra aya kalana la’as.
STP :
naon sabab??
Ua Semar : margi
manusa keuna ku robah. Lamun seug eta kanya’ah, kadeudeuh, ka asih teu
ditarimakeun ku putrana ku jalan tekad, ucap, lampah anu matak tiasa ngagaleuh
galih ibu ramana sok rajeun la’as. Jadi upami kitu netelakeun sanes kanya’ah,
kaasih ibu ramana, tapi rohmat atanapi welas asih kagungan Pangeran. Da ibu ram
amah nu kawelasan nu kaasihan nu kanya’ahan, da kanya’ah mah kurunyungna tina
galih atanapi qolbu anu murni. Tiap qolbu murni didinya kanya’ah ka asih bakal
ngancik, tapi dimana qolbu kotor didinya kaasih bakal luntur. Ari cukang
lantaran nana, kukabedegongan, kawangkeulangan, kabasangkalan, kakurang ajaran,
kacumantakaan putra.
STP :
bener,,,2 bisa kajawab
No comments:
Post a Comment