Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya

Wednesday, November 12, 2014

Tarucing Sanghiyang Talaga Pancuran

Tarucing anu ka lima

Dimana tepungna awas jeung rupa, dimana teupung na awas jeung ca’ang


STP                  : dimana tepung na awas jeung rupa, dimana tepung na ca’ang jeung awas?
SSS (sanghiyang sukma sejati) : tepung na awas jeung rupa, tepungna ca’ang jeung awas,,,dinya diantara tepungna.
STP                  : antara naon?
SSS                  : antara ca’ang jeung awas, antara awas jeung rupa
STP                  : salah
SSS                  : can wara di sebut salah, ieu basa can anggeus
STP                  : balikan deui
SSS                  : tapung na ca’ang jeung  awas, tepung na awas jeung rupa, tilu gulung galang ngajadi hiji, anu hiji heunteu leungit anu dua tara pasea istu sauyunan disebut manunggal jeung tunggal ngarana. Sidik na kana rupa nu ditempo ku ayana awas, ku ayana rupa, kuayana ca’ang tilu gulung galang ngajadi hiji eta luyu ngarana disebutna akrom.
STP                  : bener
SSS                  : neangan nu peuheur atuh sanghiyang, nu peuheur
STP                  : kuayana akrom awas, rupa jeung ca’ang. Kuayana naon bisa nangtukeun beureum atawa hideung atawa koneng?
SSS                  : ku ayana hirup
STP                  : ari nu disebut hirup  naon?
SSS                  : ceuk umum nu disebut hirup teh usik
STP                  : ari ceuk anjeun?
SSS                  : ari ceuk kaula mah nu disebut hirup teh nu ngusikeun
STP                  : nu ngusikeun naon?
SSS                  : nu ngusikeun nu hirup
STP                  : ayeuna nu usik rek disebut naon?
SSS                  : etamah nu kahirupan. Ieu tempo curuk kaula anu uteuk-uteukan?
STP                  : nya
SSS                  : tah ieu ceuk saliwat ieu teh hirup, usik ngarana ceuk umum.
STP                  : tapi ceuk anjeun?
SSS                  : lamun disusul ku elmu ieu anu uteuk-uteukan teh curuk anu kahirupan
STP                  : kahirupan kunaon?
SSS                  : kunu hirup
STP                  : nu hirup usikna ku naon?
SSS                  : ku hirup
STP                  : katangtuan?
SSS                  : tilu keneh wae, nu hirup, hirup jeung kahirupan, ,,,,,nuroniah, kamilah, bariah.
STP                  : bisana hirup, nu hirup jeung kahirupan gulung galang ngajadi hiji kunaon?
SSS                  : ku kersana Qudrot Irodat na nu Kawasa
STP                  : bisana anjeun nyebutkeun ku qudrot irodat na nu Kawasa, kujalan kumaha?
SSS                  : kujalan elmu
STP                  : elmu naon?
SSS                  : tah didieu museur, ceuk katangtuan bisa nempo beureum ku ayana awas, jeung ku ayana ca’ang, jeung moal bisa nyebutkeun beureum tanpa elmu atawa tanpa kanyaho.
STP                  : hartina?
SSS                  : manusa kumplit, hirup, nu hirup jeung kahirupan. Tanpa kanyaho luang ti papada urang cilaka
STP                  : elmu nu mana?
SSS                  : elmu nu nyata
STP                  : nyata nu mana?
SSS                  : nu aya rengkol na katerangan. Kajeun teuing manusa sugih ku pangarti, jembar ku panalar, kajeun teuing manusa digjayang rana punjulinga papa gagah sakti mandra guna, tanpa elmu kamanusaan cilaka.
STP                  : dasar na naon?
SSS                  : dasar na, ratu tara ngahukum, pamarentah tara nyiksa anging laku lampah anu bakal jadi hakim na diri. Melak hade buah na hade, melak goreng buah na goreng. Sakabeh nyeuweu kana tekad, ucap, lampah anu toja’iah jeung hukum. Aya deui patarosan salian ti eta???
STP                  : ari nu disebut hokum ku ajeun nu mana?
SSS                  : anu enya
STP                  : ari anu enya nu mana?
SSS                  : anu bener
STP                  : aria nu bener anu mana?
SSS                  : anu teu salah
STP                  : anu mana hokum anu bener ceuk anjeun?
SSS                  : anu enya
STP                  : anu mana nu enya na?
SSS                  : hukum anu beunang di percaya, anu bisa dirasakeun, dileunyeupan ku ati sanubari sarta nyata hasil na aya dina kasalametan.
STP                  : kula narima katerangan ti guru, manusa kudu wawuh ka guru mursyid
SSS                  : teras!!
STP                  : lamun manusa geus wawuh ka guru mursyid didinya manusa bakal nyaho ka dirina, moal silo ni leumpangna sarta dina paripolahna hirup.
SSS                  : ari anjeun nu disebut guru mursyid teh naon?
STP                  : anu tara bohong
SSS                  : dimana pernah na?
STP                  : kula can apal nepi ka leubah dinya
SSS                  : atuh entong waka ngaku sanghiyang megeung cai telengeus anjeun, lamun can apal kana sajati ning hirup guru mursyid anu sateugeus na.
STP                  : ari ceuk anjeun guru mursyid anu mana?
SSS                  : anu enya
STP                  : anu enya teh nu mana?
SSS                  : anu bener
STP                  : anu bener teh nu mana?
SSS                  : hukum.
STP                  : hukum nu mana?
SSS                  : anu waspada permana tinggal.
STP                  : nu mana anu waspada permana tinggal??
SSS                  : enya ceuk enyana, lain ceuk lainna, salah ceuk salahna, bener ceuk bener na
STP                  : cara kumaha?
SSS                  : anjeun maling barang batur,,,can baleg anjeun hirup. Geus nyaho yen laku kitu teh salah???
STP                  : nya samemeh can nyaho hukum mah, can nyaho salah
SSS                  : teu nyaho salah?
STP                  : teu nyaho salah
SSS                  : hartina anu waspada anu enya teh hukum, manusa mah teu nyaho di naon-naon, sabab manusa teh sakabeh di dunya ieu poek eusi hatena. Kakarek nyaho kana salah jeung bener, kakarek nyaho kana enya jeung lain ku ayana manusa geus maca geus apal kana hukum. Jadi nu waspada anu mursyid teh hukum anu sabenerna.
STP                  : numana nu sabenerna?
SSS                  : teangan anu enya!!!
STP                  : lebah mana nu enya?
SSS                  : didieu aya tilu. Hiji bener ceuk pribadi, dua bener ceuk umum, tilu bener ceuk hukum
STP                  : numana nu tilu ieu?
SSS                  : nya bener ceuk hukum. Bener ceuk pribadi, luyu ku ayana ceuk hukum. Bener ceuk umum, memang bener ku ayana ceuk hukum, kabeh nyeuweu kana hukum. Guru tunggal, lain kudu ngajalankeun megeung cai, tapi manusa kudu sina nyahoeun kana hukum nu sabenerna. Lamun kieu sarua jeung ku anjeun di teuleungesan, sarua jeung moekan akal pikiran na manusa. Kocorkeun !!!! teleungeus anjeun hirup. Lain dek nangtungkeun bener jeung adil tapi anjeun bakal ngaruksak sapangeusi jagad kabeh, kadang-kadang sato leutik, sato gede bakal cilaka ku kakeujeuman anjeun. Ngarit,,,,,,ngarti!!!!
STP                  : sareukseuk diri kula ku ka kejeuman kurawa
SSS                  : inget!!!!,,,hade jeung goreng, salah jeung bener meunang manusa lain?
STP                  : nya lain. Ngan manusa migawe
SSS                  : kana naon?
STP                  : kana bener jeung salah
SSS                  : lamun di dunya bener wungkul rek alus ieu dunya? Bakal sidik dina benerna?
STP                  : nya moal
SSS                  : teu bisa,,kakarek bisa nyaho kana bener sahingga aya salah, kakarek sidik kana salah, lamun tangtu aya benerna. Jadi bener jeung salah ieu teh, kagungan nana Pangersa di kersakeun gelar di dunya. Ngan manusa kari milih, cenah ayeuna kurawa siga kitu,,,pan aya balitungan nana bratayuda. Manusa cilaka jeung salamet na ku amal na masing-masing naha anjeun campur kana ieu urusan?
STP                  : nya milu pusing kaula
SSS                  : milu pusing,,,,batal anjeun. Piraku  nu nangtungkeun bener jeung adil pusingan kitu, usilan kitu.
STP                  : haduhhhhhh,,,,,,,,,,,,
SSS                  : cobi aya deui??
STP                  : ke,,,,asa kakarak manggih tina rebu-rebu jeulema anu datang kula mikeun kasempetan walungan gangga anu ngalir ka wirata, ku kula rek di kocorkeun sateungah
SSS                  : dupi Yamuna?
STP                  : Yamuna anu ngaliwatan ka Astina ku kula rek di peugeung, itung-itung mere ajaran ka urang-urang kurawa
SSS                  : ari salira aya pancen pikeun ngahukuman jeulema jeung ngaganjar manusa?
STP                  : nya euweuh
SSS                  : naon pancen?
STP                  : nangtungkeun bener jeung adil
SSS                  : rumasa nyieun bener jeung adil?
STP                  : teu
SSS                  : kadar?
STP                  : nangtungkeun wungkul
SSS                  : naha nangtungkeun wungkul ambil pusing kana ieu pasoalan??? Aya hak anjeun ngahukuman? Kade pahili anjeun, nu lalajo milu maenbal teu pupuguh
STP                  : haduuhhhh….
SSS                  : kaula teu mikeun lamun anjeun beurat sabelah, pedah-pedah deudeuh ka pandawa lamun deudeuh tea mah. Pedah-pedah pandawa bener, deuurrr ieu cai di kocorkeun,,,,,,kabehan nana
STP                  : ari geus kaula sareukseuk
SSS                  : nu ngahukuman lain anjeun
STP                  : nya tangtu nu ngahukuman mah Pangeran
SSS                  : Pangeran ge moal ngaganjar jeung moal nyiksa
STP                  : na naon nu bakal ngahukuman??
SSS                  : nu bakal ngaganjar jeung ngahukuman teh lian ti amal perbuatan nana, tadi geus di caritakeun melak hade jadi hade, melak goreng buah goreng. Kocorkeun sanghiyang,,,,tong teuleungeus kitu anjeun.

No comments:

Post a Comment